Selasa, 18 September 2012

NULIS LAPORAN KAGIATAN


ACARA PORSENI SMA NEGERI 1 CIANJUR
Tiap taun sakola SMA Negeri 1 Cianjur sok ngaya  keun porseni biasa na samemeh pere semester kamari. Ieu kagiatan tujuanana pikeun ngipuk sarta mekarkeun kamampuan para siswa dina widang olah raga jeung seni. Ieu porseni teh geus jadi program sakola sarta sok di ayakeun tiap taun. Guru-guru, pangurus osis, jeung siswa ngarojok pisan kana ieu kagiatan. Komo ka para siswa anu ngabogaan bakat mah boh dina widang olah raga atawa seni. Dina porseni maranehna bisa silih asah kamampuan jeung kamaheran masing-masing.
Dina porseni taun ieu anu di lombakeun teh aya sababaraha rupa. Dina widang olah raga anu di lomba keun nyaeta maen bal, bola voli, bola basket, bulu tangkis,tenis meja, karate jeng sajabana.ari  dina widang seni nyaeta di antarana vokal grup, rampak sekar, maca puisi, ngalukis, perkusi , kabaret, jeng sajabana. Unggal kelas di wajib keun ngirim keun wawakil na dina unggal cabang anu di lomba keun.
Dina derna perlombaan para siswa nyumangean ka wawakil kelas na. Anu rame mah biasana dina widang olah raga pangpang na di cabang  maen bal jeung bola voli, atawa basket. Para siswa ngagimbung di sisi lapang bari surak Ayeuh-ayeuhan. Komo lamun final na mah pohara rame na.Dina final maen bal anu di adu teh kelas 11 - U ngalawan 11 – T. Tim maen bal anu jadi pinunjul na kelas 11 – U.
cabang olah raga voli mah anu rame teh tim putri. dina final anu di adu teh tim 11 – Q nalawan 10 – F. Anu jadi pinunjul na kela 10 – F. Sanajan kelas 10 oge da ieu mah teu mandang senior atawa junior tapi kumaha kamampuan pamaen.
Ari dina widang seni mah anu rame ku nu lalajo teh kabaret. Unggal kelas minton keun kabaret kalawan tema jeung gaya anu beda-beda. Ieu mah ti kelas 12 ipa 2 nu jadi pinunjul teh. Judul kabaret na “Si Kabayan Jeung Jurig Togel”. Kabaret na lucu, nu lalajo teu eureun di ajak seuseurian. Sarerea oge siga na panuju lamun kabaret ti kelas 12 ipa 2 jadi pinunjul ka hiji.
Dina acara penutupan, bapa kepala sakola masrah keun piagam jeung piala ka para pinunjul. Saur bapa kapala, ku ayana porseni di harep keun para siswa kahudang sumanget na pikeun ngahontal prestasi anu lewih alus ti taun ka taun, boh dina widang olah raga bih dina widang seni. Kagiatan porseni ge di piharep sing aya pangaruh positif na kana kagiatan di ajar. Sumanget bertanding teh henteu ngan saukur di lapang, tapi pangpang na mah sumanget bertanding, paalus-alus di ajar di kelas.


MILANGKALA KAMERDEKAAN INDONESIA
Dina kaping 17 Agustus 1945 Indonesia merdeka. Kusabab indonesia merdeka kaping 17 agustus sok di ayakeun milangkala kamerdekaan Indonesia. tujuanana bade ngaramekeun milangkala kamerdekaan Indonesia ayeuna merdekana Indonesia teh tos ka 67 taun. Warga Bunikasih bade ngarame keun milangka eta anu di laksanakeun nana di lapang mundinglaya desa Bunisari.
Warga Bunikasih saumpamana budak jeung kolot-kolot na ngiring ngaramekeun nana hut RI teh. Ku mangrupa lolombaan saperti balap karung, sogot kurupuk, balap sendok, maen bal, maen rebutan, jeng sajabana. Sapapanjang jalan anu biasana mompong jadi rame ku rarantuyan kantong keresek, cangkang akua, anu di pulas ku warna beureum jeung bodas ngalambangkeun banera Indonesia merah putih tea. Ti kajauhan katingali abringan badut jeung mangrupa kasenian rakyat. Biasana mah sok parawey.
Saatos acara siang tadi peutingna panitian milangkala ngayakeun hiburan sakalian mere hadiah kanu meunang lolombaab tea. Acara tadi siang teh mani rame pisan. Taun engke rencanana warga Bunikasih rek ngayakeun nana milangkal kamerdekaan Indonesia anu lewih rame.

1 komentar: